Saeusi nagara geunjleung. Di
unggal juru ra’yat baruntak. Nu jadi jejer euweuh deui iwal runtah. Runtah nu
nyayeud ngalaputkeun nagara. Runtah nu ngahuyud di puseur pamaréntahan,
pabalatak di puseur dayeuh, di imah-imah sigrong, di unggal kantor, di kota-kota,
tuluy sumebar ka pilemburan.
Bau runtah mabek dina
ranggeuman wanci. Geus jadi karisi mangpirang-pirang umat. Jadi werejit pikeun
jalma hanaang kakawasaan. Jadi baruang ngabayabah nerekab di mana-mana. Bau,
mabek, buruk, rujit rujit rujit.