Oleh: Hepi Nursalam
Kacaritakeun sababaraha waktu katukang, harita langit katingalina poék mongkléng. Di beulah wétan geus bijil fajar sodik, nandakeun munggaran waktu subuh. Teu kungsi lila, sora bedug pakauman, dag-dig-dug rasaning ati, disampeur ku lentongna sora adan ngabewarakeun waktuna solat.
Duka kunaon, beuki dieu téh beuki ngeunah waé kuring saré. Ngaréngkol,
murungkut dina simbut anu haneut. Puguh wé, tungtungna mah kuring téh hudang
kabeurangan. Teu kungsi lila, koréjat kuring hudang tina engon bari lulungu
ngagidig indit ka masjid, caritana rék solat subuh.
Saméméh asup, kuring ngarérét kana jam anu katingali tina
kaca ti luar masjid. harita, katempo geus jam satengah lima . Di masjid gé geus
teu loba jalema, ngan rada héran, aya dua urang aki-aki keur diuk
pahareup-hareup, bari ngawadul. Sup, wéh caritana kuring asup ka éta masjid,
bari ngamimitian solat ku takbirotul ihrom. Mimiti ruku, sujud, jeung sajabana,
terus nangtung deui anggeus rokaat ka hiji téh. Pas kuring rék maca surat
fatihah dina rokaat ka dua, ari pok téh éta aki-aki anu di jero mesjid téh ngawadul.
Manéhna ngalalakonkeun hiji carita anu éta carita téh matak pikaresepeun anu
ngadéngé. Nya kitu ogé kuring, ku ramé-raména éta lalakon, kuring jadi husu
ngadéngékeun jeung poho yén kuring téh keur solat. Tungtungna mah, kuring téh kajongjonan
nengetkeun dua aki-aki anu keur ngalalakon.
Meureun aya sapuluh menitna leuwih éta aki-aki ngawadul. Kuring can sadar kénéh baé, malahan mah beuki kadieu téh asa beuki ramé baé éta lalakon téh. Lila-lila, kuring ngarasa cangkeul terus tungtungna mah kuring téh kuliat bari heuay, ngeuweuhkeun éta kacangkeul. Na, ari pok téh salah sahiji aki-aki anu keur ngalalakon bari ting cikikik seuri ngomong.
"Wéh, jang... apanan keur solat, naha bet kuliat?"
Puguh wé, kuring ngagebeg reuwas bari bareureum beungeut kacida érana. Tungtungna mah, kuring balikan deui solat bari ucang-acong teu puguh, da hayang geuwat kaluar ti éta masjid bakat ku éra.

Sakaluarna ti masjid, kuring sura-seuri sorangan, bari
keuheul mah aya ka éta aki-aki téh, asa teu kudu ngobrol di jero mesjid. Bari jeung
kaeur aya nu solat.***
Hepi Nursalam, lahir di Ciamis. kiwari nyuprih elmu di STAI Ciamis
HAHAHH, AKI, AKI, .!
BalasHapuspedah si aki nya hahahha....
BalasHapussumuhun,.. dasar aki-aki naminage,.. hee
Hapus