Rabu, 04 Januari 2012

Kolom: Asa Aing (Lain) Uyah Kidul

Ku Taufik Rahayu

“Tong sok héhéotan di imah, bisi teu boga uyah!” kitu ceuk indung waktu keur budak.

Enya, asa teu pira ukur uyah. Haregana gé teu sabaraha. Ngan, mun diimeutan  kalayan gemet,  uyah téh  kabutuh sapopoé nu kacida pentingna. Kacipta,  kaolahan nu teu karasa uyahna, tiis atawa hambar.

Ceuk  élmu kaséhatan,  uyah nu  ngaran kimiana NaCl (natrium clorida) ngandung yodium anu diperelukeun  ku awak manusa. Kakurangan yodium bisa jadi kasakit, diantarana matak gondok.

Keur nu kakandungan,  yodium téh penting pisan. Bisa mangaruhan kamekaran utun-inji dina beuteung indungna.  Misalna waé, ngalantarankeun mekarna  otak kurang hadé, IQ handap, hésé mikir jeung sajabana.

Kaleuwihan  yodium ogé sarua teu hadéna kana kaséhatan. Ku kituna sangkan asupan yodium saimbang, dicampur jeung uyah (uyah beryodium), sabab uyah mangrupa zat anu didahar ku sakumna  jalma kalawan ukuran cukup.

Uyah jeung urang Sunda kacida dalitna.  Keur  urang Sunda,  uyah lain ukur samara, tapi  simbol jeung siloka. Dina babasan sapopoé nu sok jadi kacapangan di antarana; “Asa aing uyah kidul”, “Lalaki teu uyahan”, atawa “Uyah mah tara téés ka luhur”. 

Paribasa  ‘Asa aing uyah kidul,  nu pihartieunana ngagulkeun diri sorangan,  nungtun kapanasaran.  Hayang mapaykeun laratanana. Naha enya baheula tatar pakidulan téh panghasil uyah nu hadé (uyah kidul)?  Jawaban kolot-kolot urang Garut pakidulan gé ukur gideug.  Duka mun teu kajamanan atawa diluar kanyaho aranjeunna mah.

Nu kapaluruh sabada tatanya ka kolot-kolot di tatar pakidulan mah,  foklor-foklor nu patula patali jeung uyah. Aya dongéng  uyah,  uyah keur ubar,  jeung panyinglar.

Ceuk sakaol,  uyah téh asalna tina  jubleg (dulang) ajaib anu bisa nedunan  paménta ti dununganana. Waktu nu boga éta jubleg balayar, di tengah sagara butuh uyah, harita kénéh  langsung ménta ka jubleg. Ngan manéhna poho teu mawa taneuh keur nyocokan liang jublegna. Lantaran, mun teu dicocokan taneuh, nu kaluar tina jubleg téh moal bisa dieureunkeun.  Antukna,  kapal nu ditumpakan ku éta jalma téh tikelebuh. Cenah nepi ka kiwari éta jubleg terus-terusan ngaluarkeun uyah, nu ngajadikeun cai laut pangsét nepi ka ayeuna. Ceuk urang pakidulan mah, éta kapal téh tikelebuhna di laut kidul.

Uyah keur urang pakidulan Tatar Jabar mah, sok dipaké ubar.  Mun awak ku hileud,  kudu dibaluran uyah. Lian ti éta,  uyah bisa dipaké keur ngusir sasatoan. Nu kémping gé keur nyinglar oray téh sok ngawur-ngawur uyah di sakurilingeun téndana.

Dina riwayat Nabi Sulaéman a.s ogé  kacaturkeun ngeunah uyah téh. Ceuk  ujaring carita, kulantaran Nabi Sulaéman téh raja pangbeungharna saalam dunya. Anjeunna ngabawahan lain waé bangsa manusa, tapi sasatoan, jeung jin.

Dina hiji waktu anjeunna nadar, hayang sodakoh (méré dahar) ka sakabéh pangeusi dunya. Ku kituna, sagala kadaharan jeung kaolah dijieun ku rahayatna, boh manusa boh jin. Kadaharan téh nepi ka manggunung-gunung. Dina kaayaan geus siap, tuluy ngadoa ka Alloh S.W.T yén sedekahna rék dibagikeun.  Dina kaayaan kitu, tuluy Nu Maha Suci maréntahkeun lauk ti laut, saharita dahareun nu meunang mangpoé-poé ngolah téh, ngan sakétap béak dicapluk ku hiji lauk.

Nabi Sulaéman tuluy ngadoa tobat ka pangérang. Alloh S.W.T maréntahkeun Nabi Sulaéman ngalungkeun barang nu geus didu’aan ka laut. Ti harita cai laut jadi pangsét, tuluy dijieun uyah nepi ka ayeuna. Kulantaran kersaning Gusti Nu Maha Suci, niat Nabi Sulaéman téh tinekanan, nepi ka ayeuna sakabéh turunan teu weleeh ngasaan pangsétna uyah.

Lian ti éta, ceuk kaom akademisi mah, umumna produksi uyah téh ti kalér. Ti jalur pantura atawa perairan laut déét. Ngan rasana  kurang pangsét lantaran cai laut di dinya mah loba kakeunaan ku polusi, caina kotor.  Mun seug urang kidul nyieun uyah tina cai laut pakidulan, tangtu ajén uyah téh lain ukur aya dina paribasa.

Uyah mémang kacida pentinga. Tapi, teu jadi paniténan nu daria. Geuning, najan urang téh nagara kapuloan, Nusantara,  dikuriling ku laut, uyah mah (sawaréh)  nguyang ka batur atawa ngimpor.  Kétang, da kitu ‘nasibna’,  uyah diapilainkeun, malah disapirakeun, kawas dina dongéng.

“Saperti kumaha kanyaah Nyai ka Ama?” ceuk raja ka si bungsu.
“Sapertos uyah!” ceuk éta putri.

Raja kacida benduna. Sabab, kanyaahna ukur dipapandékeun kana uyah. Tapi, waktu kaolahan nu disuguhkeun ku éta putri ka raja teu maké uyah, raja gé sadar, silib Si Bungsu sual kanyaah, payus pisan upama dipapandékeun jeung ajén uyah. *** (taufik rahayu)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar