Rabu, 04 Januari 2012

Pelatihan Kepemingpinan Putra Sunda 9

Salila saminggu, Gerakan Masarakat Jawa Barat (Gema Jabar) ngayakeun Pelatihan Kepemingpinan Putra Sunda ka- 9 (PKPS-9) 13-19 Nopémber 2011 di Pusdikbekang Cimahi – Ranca Upas Bandung. PKPS téh mangrupa program gawé maneuh Gema Jabar.

“Alhamdulilah, ti taun ka taun Gema Jabar teu kungsi lirén ngayakeun kagiatan pelatihan kepemingpinan putra Sunda,” ceuk Djaka Badrayana, ketua Gema Jabar 2009/2011. “Sok sanaos seueur hahalang, tapi teu burung lancar. PKPS munggaran taun 2002 dibantos ku pupuk Kujang, taun kadua hasil réréongan ti para alumni, taun katilu ku pupuk kujang deui, sareng kitu saterasna piligenti. PKPS 9 kiwari mah, alhamdulilah kénging bantosan ti Disorda Jawa Barat,” éta dosén di UIN Jakarta, bangun nu bungah.


Para pamilon PKPS 9 Pusdikbekang Cimahi – Ranca Upas


Sabada réngsé pelatihan PKPS, alumni-alumni teu ditungtut nanaon. Gema Jabar ngan saukur mekelan putra-putra pinunjul Jawa Barat ku matéri-matéri kasundaan jeung kapamingpinan. Léngkah kahareupna gumantung kana karancagéan jeung kamotékaran pribadina séwang-séwangan. Cageur, bageur, bener jeung pinter, bisa manpaat keur diri sorangan, kulawarga, masarakat katut bangsa.

Harepan ti Gema Jabar pikeun pamilon nu geus milu PKPS mah nyaét bisa ngamalkeun sagala élmu beubeunanganana di lingkungan kampusna jeung masarakat. Jadi “agen of change” di lingkungan Jawa Barat.

Unggal taun Gema Jabar ngayakeun seléksi ka universitas-universitas jeung organisasi-organisasi kasundaan nu aya di Jawa Barat, sangkan mahasiswa jeung anggotana milu aub dina pelatihan kepemingpinan putra Sunda.

Dina milih pamilon PKPS, diwatesanana maksimal saratus urang pamilon. Kasaratus urang nu kapilih téh bisa disebut minangka saratus urang pamuda-pamudi Jawa Barat nu pinunjul, boh akademik boh “soft skillna”.

Sarat nu wajib dipiboga ku pamilon nyaéta kudu boga minimal IPK tilu. Salian ti éta ogé, pamilon wajib ngalampirkeun ésséy nu dijejeran, “Peran Pemuda dalam Pembangan Jawa Barat.”

Éta saratus urang putra putri Sunda téh jolna ti universitas-universitas nu aya di Jawa Barat, di antarana ITB, Unpad, IPB, UPI, UIN Bandung, UIN Jakarta, STKIP Garut, UNMA Majalengka, STIE Muhammadiyah, Univ. Suryakancana Cianjur, STKIP Subang, jeung STMIK DCI Tasikmalaya, sarta organisasi-organisasi kasundaan saperti Damas, Lingkung Seni Sunda ti kampus-kampus, katut organisasi lianna.

Matéri pelatihan salila saminggu di antarana mangrupa matéri “indoor” jeung outdoor”. Tujuanana taya lian sangkan calon-calon generasi penerus Jabar boga karakter jeung méntal nu kuat.

Matéri “indoor” diayakeun di Pusdikbengkang Cimahi. Pmilon diwanohkeun kana sagala aspek sosial masarakat, di antarana wawasan kebangsaan, pengenalan poténsi dasar, Management Waktu, Komunikasi, Sajarah Sunda Indonésia, Budaya, Politik, Ékonomi, Sosial, Sastra, Kepemimpinan (leadership), jeung “Inspiring leadership/succces story”, matéri “survivel”, lingkungan hirup, pertanian. Matéri Outdoor diayakeun di Ranca Unpas, kalawan leuwih diteueulkeun kana “survivel” jeung ngawanohkeun alam.

Para tokoh nu méré matéri di antarana; Ayi Vivananda S.H. (Wakil Wali Kota Bandung), DR. Ruhaliah M.Hum, Mayjen Purn. Sudrajat (Tokoh Militér), Dian Hendrayana (Sastrawan), Iwan Gunawan (pengusaha), Dr. Indra Prawira (Pengamat Politik), Prof.Dr.Ir.Mubiyar Purwasasmita (Aktivis Lingkungan), Wahyu Iskandar (pematéri ti Disorda), Prof. Dr. Yudistira Ganda, Djaka Badranaya,ME. (Ketua Gema Jabar), Tjetje H. Padmadinata (Tokoh Jawa Barat), Sinta Ridwan, Daud Achmad (Kadisorda Jabar), Agung Sutisno (Ketua Kadin Jabar), Ningsih (Sekolah Hijau), Herman Afif (Pengusaha/Pembina Gema Jabar), jeung Iwan Abdurrachman (Seniman & Tokoh Lingkungan)., jeung réa-réa deui.

Acara PKPS 9 resmi ditutup di Gedong Saté Bandung, sakalian ngistrénan saratus alumni Putra Sunda.
“Dina kesempetan ieu ogé, Gema Jabar ngahaturkeun nuhun ka sadaya pihak nu tos ngiring aub dina nyukséskeun acara PKPS ieu. Utamana ka pihak Disorda nu tos nanggung sagemblengna biaya pelatihan. Kanggo PKPS salajengna ogé, mugia waé langkung seueur donatur nu tiasa ngiring aub dina ieu kagiatan. Taun payun mah insya Alloh badé sakantenan ulang taun Gema Jabar sadasawarsa kalawan sarébu alumni putra Sunda pinunjul nu siap ngawangun Jawa Barat,” ceuk Djaka Badranaya, dina panutupan PKPS 9. *** (tr.pkps9.gemajabar)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar